Selepas Isya, serambi sudah mulai sepi. Tinggal beberapa orang yang masih duduk. Kopi masih ada, tapi obrolan sudah tidak seramai tadi.
Mang Didin bercerita tentang anak saudaranya yang sedang mondok jauh dari rumah.
“Budak ayeuna mah geus jarang nanya ka urang,” katanya.
Mang Ujang tersenyum.
“Baheula sering ?”
“Sering.”
“Naon nu ditanyakeun ?”
“Macem-macem.”
Mang Didin tertawa.
“Urang sok ngarasa pinter.”
“Padahal ?”
“Kadang mah teu nyaho.”
Mereka tertawa kecil.
“Budak lamun geus gede,” kata Mang Didin kemudian, “béda.”
Ajengan Manglayang yang sejak tadi diam menoleh.
“Bédana kumaha ?”
“Baheula mah sok datang nanya.”
“Urang ngajawab.”
“Ayeuna…”
Mang Didin menyeruput kopi.
“…urang nu sok diajar tina jawabanna.”
Ajengan tersenyum.
“Eta mah geus alus.”
Mang Didin kemudian bercerita bahwa anak saudaranya sudah cukup lama tinggal di pesantren. Bukan kuliah. Bukan bekerja. Memang sedang mondok dan berkhidmat.
“Budakna awéwé,” katanya.
Mang Ujang mengangguk.
“Terus ?”
“Kamari manehna ngabéjaan…”
Mang Didin tersenyum kecil.
“Alhamdulillah, geus tasmi’ tilu puluh juz.”
Mang Ujang langsung mengangguk.
“Masya Allah.”
“Nya.”
“Berarti lain ukur apal ?”
“Apal jeung diuji.”
Ajengan mengangguk.
“Éta mah lain perkara leutik.”
Mang Didin tersenyum.
“Urang ogé ngarasa reueus.”
Ia berhenti sebentar.
“Tapi terus…”
“Naon ?”
“Urang nanya…”
Mang Didin tertawa kecil.
“‘Tinggal nikahna.’”
Mang Ujang ikut tertawa.
“Wah.”
“Nya.”
“Terus jawabna ?”
Mang Didin menirukan pesan yang diterimanya.
“‘Nggih, Mas…’”
Ia berhenti sebentar.
“Terus ?”
“‘Insya Allah sampun wekdalipun, Mas.’”
Mang Ujang tidak langsung tertawa lagi.
“Wekdalipun ?”
“Nya.”
“Geus waktuna ?”
“Ceuk manehna kitu.”
Ajengan Manglayang diam sebentar.
Kemudian mengambil kitab kecil yang ada di sampingnya.
Al-Ḥikam al-ʿAṭāʾiyyah.
Ajengan membuka beberapa halaman.
Telunjuknya berhenti.
Beliau membaca perlahan.
أَرِحْ نَفْسَكَ مِنَ التَّدْبِيرِ
Riḥ nafsaka minat-tadbīr.
Makna gandul terdengar pelan.
Ngasoana awakmu saka ngatur-ngatur perkara kang dudu wewenangmu.
Mang Ujang melihat Ajengan.
“Ngatur-ngatur ?”
Ajengan tersenyum.
“Urang mah resep ngatur.”
“Naon waé ?”
“Anak.”
“Adi.”
“Babaturan.”
“Kadang…”
Beliau berhenti.
“…hirup batur.”
Mang Didin tertawa.
“Leres.”
Ajengan melanjutkan membaca.
فَمَا قَامَ بِهِ غَيْرُكَ عَنْكَ لَا تَقُمْ بِهِ لِنَفْسِكَ
Fa-mā qāma bihi ghayruka ʿanka lā taqum bihi linafsik.
Makna gandul:
Perkara kang wus diurus dening liyan kanggo sira, aja sira rebut maneh kanthi awakira dhewe.
Ajengan menutup kitab sebentar.
“Eta lain hartina urang teu meunang usaha.”
Mang Ujang mengangguk.
“Terus maksudna ?”
“Ulah sagala hal rék dicekel.”
“Sabab aya perkara…”
Ajengan melihat kitab.
“…anu memang lain bagian urang pikeun nangtukeun.”
Mang Didin diam cukup lama.
“Misalna anak ?”
“Nya.”
“Urang bisa ngajaga.”
“Nya.”
“Bisa mere naséhat.”
“Nya.”
“Bisa ngingetan.”
“Nya.”
“Bisa ngadoakeun.”
Ajengan mengangguk.
“Leres.”
“Terus?”
Ajengan tersenyum.
“Satuluyna…”
“…anjeunna boga hirup sorangan.”
Mang Didin menunduk.
“Kadang urang mah…”
“…hayang mastikeun.”
“Naon ?”
“Supaya jalanana bener.”
Ajengan tersenyum.
“Urang sorangan…”
“…jalan urang gé can tangtu bener kabéh.”
Mang Ujang tertawa kecil.
“Éta mah.”
Ajengan ikut tersenyum.
“Makanya.”
Mang Didin kemudian berkata,
“Jadi lamun aya nu ngomong…”
“‘Insya Allah sampun wekdalipun’…”
Ajengan menoleh.
“Ulah buru-buru diterjemahkeun ku pikiran urang.”
“Maksudna ?”
“Ulah langsung nyieun rencana dina sirah.”
“Jodona saha.”
“Kapan.”
“Dimana.”
“Engké kumaha.”
Mang Ujang tertawa.
“Padahal can aya naon-naon.”
“Nya.”
Ajengan tersenyum.
“Kalimatna ngan hiji.”
“Tapi pikiran urang…”
“…bisa nyieun sakitab.”
Mereka tertawa.
Ajengan membuka kitab kembali.
“Di dieu nu penting téh tadbīr.”
Beliau menulis di kertas kecil:
التدبير
Tadbīr.
“Ngatur.”
“Merencanakan ?” tanya Mang Ujang.
“Merencanakan mah bisa.”
“Terus naon nu salah ?”
Ajengan berpikir sebentar.
“Lamun urang nganggap hasil kudu nuturkeun rencana urang.”
Mang Didin mengangguk.
“Jadi usaha tetep.”
“Nya.”
“Doa tetep.”
“Nya.”
“Naséhat tetep.”
“Nya.”
“Tapi hasilna ?”
Ajengan tersenyum.
“Serahkeun.”
Serambi kembali hening.
Mang Didin memandang cangkirnya.
“Jadi…”
“…jadi kakak téh teu kudu boga jawaban pikeun kabéh perkara ?”
Ajengan menggeleng.
“Teu kudu.”
“Kadang…”
“…jawaban anu panghadéna téh ngadéngékeun.”
Mang Ujang menimpali,
“Kadang ngadoakeun.”
“Nya.”
“Kadang diem.”
Ajengan tersenyum.
“Éta ogé.”
Mang Didin mengangguk pelan.
“Baheula mah manehna sok nanya ka kuring.”
“Terus ayeuna ?”
“Ayeuna…”
Ia tersenyum.
“…kuring nu kudu diajar.”
Ajengan tidak menjawab.
Beliau hanya mengangguk.
Tidak lama kemudian kitab ditutup.
Kopi tinggal sedikit.
Serambi semakin sepi.
Mang Ujang berdiri lebih dulu.
“Geus peuting.”
“Nya,” jawab Ajengan.
Mang Didin masih duduk sebentar.
Ia seperti mengingat satu kalimat yang tadi diceritakannya.
Insya Allah sampun wekdalipun, Mas.
Dulu, mungkin ia akan merasa perlu mengetahui lebih banyak.
Siapa orangnya.
Kapan.
Bagaimana.
Apa rencananya.
Sekarang mungkin tidak.
Ada perkara yang memang boleh ditanyakan.
Ada yang boleh dinasihati.
Ada yang perlu diusahakan.
Tetapi ada pula perkara yang, setelah semua yang menjadi bagian kita dilakukan, tinggal diserahkan.
Ajengan kemudian berkata pelan,
“Urang téh sok cape…”
Mang Didin menoleh.
“Ku naon ?”
“Ku hayang nyekel perkara…”
“…anu lain bagian urang.”
Mang Didin tersenyum.
“Nya.”
Mereka turun dari serambi.
Malam sudah cukup larut.
Tidak ada kepastian tentang kapan sebuah pernikahan akan terjadi.
Tidak ada nama yang disebut.
Tidak ada rencana yang dibicarakan.
Hanya ada satu kalimat sederhana yang masih tersisa:
“Insya Allah sampun wekdalipun.”
Mungkin memang ada hal-hal yang harus kita usahakan.
Dan ada hal-hal yang, setelah kita lakukan bagian kita…
cukup kita titipkan kepada Allah.